Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2021

NADOM GUSTI URANG SARAREYA

ADHOMAN TAREKH NABI Muhammad SAW  NABI URANG SAREREA *BismillaahirRohmaanirRohiim* 1 Nabi urang saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kurésy na bangsana. 2 Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah, dibabarkeunana di Mekkah, wengi Senén taun Gajah. 3 Robi'ul awwal bulanna, tanggal ka dua belasna, April bulan maséhina, tanggal ka dua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna, lima ratus cariosna, tujuh puluh panambihna, sareng sahiji punjulna. 5 Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur, ningal cahya mani ngempur, di bumina hurung mancur  6 Babar taya kokotoran Orok tos kenging nyepitan Soca lir kenging nyipatan Sarta harum seuseungitan 7 Medal Nabi Akhir Zaman Pirang-pirang ka anehan  Sesembahan Bangsa Syetan  Kabeh pada Karuksakan 8 Nabi yuswa Lima Bulan Geus tiasa angkat - angkatan  Yuswana Salapan Bulan  Geus Capetang Sasauran  9 Yuswana Sapuluh Bulan  Tiasa Ameng Papanahan  Ngéléhkeun Budak nu Lian  Tapi tara kumagungan...

Syiiran sunda anak yatim

Gambar
Deudeuh anjeun anak yatim Kaum duafa katalangsara Asih nu jadi bapa bapak Kiwari tos teu aya Hirup ngajadi tunggara Kasadaya jalmi aya Naha anjeun henteu malire Na anjeun rek tega Poho parentah agama Tuh tingali duafa katalangsara Piraku rek tega Kamana atuh kamana anu benghar Anak yatim keur prihatin Tisaha atuh tisaha anak yatim Miharep deudeuh ka heman Ya Allah mugi maparin kakiatan Anak yatim sing sabar tawakal Mugia bagja mapag ngusir talangsa Milik rizqi nu jembar halal  Kenging rido Nu Kawasa Duh nu balenghar mugia taat agama. Inggis gusti Alloh murka Melang ku ancaman alquran Sieun jadi pembohong agama Nadhom Anak Yatim Bahasa Sunda Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim dina ‘idil fitri pang saena musim Bade angkat ka Masjid bade netepan ‘idil fitri aya budak seuseugrukan Nangis pipir masjid baturna Arulin Rayap rame seunang bungah keur arulin Manehna nyalindung semu seudih bingung Kanggo kawai tambal butut ngalanglayung Kapendak ku Rasululloh ros di bujeng Ditaros kunaon na...