Postingan

Menampilkan postingan dengan label Perumahan jayabakti permai

Syiiran saum rajab....

Saha jalma nu puasa Bulan rajab sapoe na Kaya kaya puasa na Sabulan campleng lamina  Mun tilu poe puasa Ku allah bakal di raksa Dina sagala bencana Pitnah dajal antara na 7 poe mun puasa Ku allah bakal di raksa Di konci pintu naraka Pahala bulan rajab na 8 poe puasa Di bulan rajab nyaeta Pintu surga na di buka Anu 8 pintu na Komo mun sapuluh poe Puasana na di pigawe Amal amal nu jarore Di ganti ku nuharade Mugi urang sadayana Sing tiasa ngamalkeun na Di paparin taupik na Ihlas karena allah na Doa doa saat ijabah Lima peting heunteu salah Nu ka 1 malam jumat In sayaa Allah hirup barokah Maleman nu ka 2 Di ijabah na doa Nyaeta malem idul adha Nu di sebut mlm takbir na Malem anu ka 3 na Idul fitri di ijabah na Doa urang sararea Tangtos saat ijabah na Malem anu ka 4 na Di malem bulan rojab na Di kobul ku Allah na Suhunkeun kanu kawasa Malam anu ka 5 na  Malem nispu syaban na Tutup buku amal urang na Mugia husnul khotimah na Doa teh sami ibadah Niatan sok dina manah Unggal waktu ng...

Bab puasa

 BAG-BAGAN PUASA* ... Puasa ceuk lughot nyaéta 'imsaak' (امساك) ngeker/nahan diri tina tingkah jeung omomgan, anapon ari puasa ceuk syara’/istilahna nyaéta. امساك عن المفطرعلى وجه مخصوصة. Nahan diri ti pirang-pirang perkara anu ngabatalkeun nurutkeun jalan/cara anu tangtu. Anapon dalil anu ngawajibkeunna kudu puasa nyaéta dawuhan Alloh QS. Al-Baqoroh ayat 183:  يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ. Hartina: Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun ngarah aranjeun taraqwa. Ogé dina hadits disebutkeun yén salah sahiji dasar diwangunna Rukun Islam téh nyaéta puasa.   بني الإسلام على خمس شهادة أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة والحج البيت  وصوم رمضان. Hartina: Islam téh di wangun ku lima (dasar) syahadat, sholat, zakat, haji jeung puasa Romadhon. (HR. Bukhori). 🥔Bab Puasa:  ...