Syiiran sunda anak yatim
Deudeuh anjeun anak yatim
Kaum duafa katalangsara
Asih nu jadi bapa bapak
Kiwari tos teu aya
Hirup ngajadi tunggara
Kasadaya jalmi aya
Naha anjeun henteu malire
Na anjeun rek tega
Poho parentah agama
Tuh tingali duafa katalangsara
Piraku rek tega
Kamana atuh kamana anu benghar
Anak yatim keur prihatin
Tisaha atuh tisaha anak yatim
Miharep deudeuh ka heman
Ya Allah mugi maparin kakiatan
Anak yatim sing sabar tawakal
Mugia bagja mapag ngusir talangsa
Milik rizqi nu jembar halal
Kenging rido Nu Kawasa
Duh nu balenghar mugia taat agama.
Inggis gusti Alloh murka
Melang ku ancaman alquran
Sieun jadi pembohong agama
Nadhom Anak Yatim Bahasa Sunda
Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim
dina ‘idil fitri pang saena musim
Bade angkat ka Masjid bade netepan
‘idil fitri aya budak seuseugrukan
Nangis pipir masjid baturna Arulin
Rayap rame seunang bungah keur arulin
Manehna nyalindung semu seudih bingung
Kanggo kawai tambal butut ngalanglayung
Kapendak ku Rasululloh ros di bujeng
Ditaros kunaon nangis bae ujang
Pan ieu the dinteun bungah dinteun seunang
Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung
Jawabna teh aduh Gusti buktos pisan
Ieu dinteun bungah dinteun seuneung pisan
Seuneung soteh ka jalma nugaduh rama
Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema
Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang
Ingeut kana diri hirup teh nyorangan
Kiyeu rasana nudi tilar ku rama
Hirup sangsara beda sareng sasaha
Teuras ku Rasul teh dipangku dirau
Aduh ujang tos ngahudang macan turu
Na iraha jeung di mana rama tilar
Jawabna teh ceunah waktos peurang badar
Nudi pingpina ku kanjeng Rasululloh
Duka teuing anu mana heunteu wawuh
Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan
Kanggo senang bungah sareung rerencangan
Tapi ibu ka abdi kalakah pundung
Atos tilu dinteun ieu abdi pundung
Aduh kasep nyaah deudeuh teuing ujang
Apan ieu rama gusti rama ujang
Hayu urang ngadeuheus enggal ka Ibu
Aisyah di bumi urang gentos baju
Dauh asyah teh diyeu putra ibu
Tos timana urang siram gentos baju
Kanjeng Rasul bari nangis hey Aisyah
Ieu putra urang anu nuju susah
Nyaeta ramana teh parantos tilar
Dina waktos papukeutna peurang badar
Hey Fatimah ieu angkeun rai anjeun
Hey Ali geura araku dulur anjeun
Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein
Ieu mamang anjeun geura ajak ulin
Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh
Ngankeun dulur rai teras dibubungah
Dugika keun leungit rasa kayatiman
Ngangkeun ibu rama Rasul anu Heiman
Saur Hasan Husein yu mang urang ulin
Sareung batur urang ameung ulin lilin
Teras ameung suka bungah ulin gatrik
Rasul teuras ngalakonan ‘idil fitri
Tah sakitu riwayatna Nabi urang
Ngajamin ka anak yatim conto urang
Pikeun conto urang keur hirup di dunia
Tiru ahwal ucap kanjeung anu mulya
Mudah-mudahan urang husnul khotimah
Maot teuteup iman islam pasti geunah
Susuganan ieu ageung manfaatna
Kanu maca anu butuh syafa’atna
Sareung urang diangkeun pisan umatna
Umat kanjeung umat anu pang mulyana
Sareung urang ngareup-ngareup syafa’atna
Anu dingaranan syafa’atul udma
Aamiin aamiin aamiin yaarobbal ‘alamiin
Ditutup ku muji ka Rabbul ‘alamin
Penulis #udayalhusna

Komentar
Posting Komentar