Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2022

Syiiran akhir zaman

 *SING PAGEUH AQIDAH, SING KUAT UKHUWWAH.* *Dunya geus tereh pamitan..* *Kiamat geus ngadeukeutan..* *Elmu gampang di teangan..* *Ngamalkeun na hese pisan..* *Na HP elmu balatak..* *Teu ngarobah kana watak..* *Ka guru kalah calutak..* *Ka kolot ge wani nyentak..* *Loba jalma anu pinter..* *Pamikiran na teu angger..* *Nu di sebut ka balinger..* *Ka batur sok ngalilieur..* *Agama jadi dagangan..* *Pikeun nyiar kauntungan..* *Jeung dulur anu sa iman..* *Geus loba papaseaan..* *Ari ka batur ngabela..* *Tapi jeung dulur pasea..* *Bari mamawa agama..* *Teu boga rasa rumasa..* *Hayang di sebut wanian..* *Hayang tenar ku pujian..* *Ngadadak silih baeudan..* *Jeung balad nu teu sa jalan..* *Dunya geus beuki ngolotan..* *Ulama geus di jauhan..* *Ka Pasantren nga anggangan..* *Ngaji geus teu ka lakonan..* *Loba nu katalar Qur'an..* *Hadits geus jadi talaran..* *Lain meunang di wurukan..* *Tapi beunang pipikiran..* *Maca tafsir terjemahan..* *Maca hadis sambarangan..* *Mengkol dina kayakinan.....