Syiiran akhir zaman

 *SING PAGEUH AQIDAH, SING KUAT UKHUWWAH.*


*Dunya geus tereh pamitan..*

*Kiamat geus ngadeukeutan..*

*Elmu gampang di teangan..*

*Ngamalkeun na hese pisan..*


*Na HP elmu balatak..*

*Teu ngarobah kana watak..*

*Ka guru kalah calutak..*

*Ka kolot ge wani nyentak..*


*Loba jalma anu pinter..*

*Pamikiran na teu angger..*

*Nu di sebut ka balinger..*

*Ka batur sok ngalilieur..*


*Agama jadi dagangan..*

*Pikeun nyiar kauntungan..*

*Jeung dulur anu sa iman..*

*Geus loba papaseaan..*


*Ari ka batur ngabela..*

*Tapi jeung dulur pasea..*

*Bari mamawa agama..*

*Teu boga rasa rumasa..*


*Hayang di sebut wanian..*

*Hayang tenar ku pujian..*

*Ngadadak silih baeudan..*

*Jeung balad nu teu sa jalan..*


*Dunya geus beuki ngolotan..*

*Ulama geus di jauhan..*

*Ka Pasantren nga anggangan..*

*Ngaji geus teu ka lakonan..*


*Loba nu katalar Qur'an..*

*Hadits geus jadi talaran..*

*Lain meunang di wurukan..*

*Tapi beunang pipikiran..*


*Maca tafsir terjemahan..*

*Maca hadis sambarangan..*

*Mengkol dina kayakinan..*

*Asa bener ceuk sorangan..*


*Elmu loba di debatkeun..*

*Dalil loba di adukeun..*

*Tapi ahlak di pohokeun..*

*Fiqih na teu di jalankeun..*


*Nu bener di sebut salah..*

*Nu hade di tuduh bid'ah..*

*Make dalil na teu mernah..*

*Nyokotan tina tarjamah..*


*Hayu dulur-dulur geura ngaji..*

*Ka Ajengan jeung Kiai..*

*Anu pinuh ku pangarti..*

*Nu apik tur sae ati..*


*Agama keur di amalkeun..*

*Lain pikeun di pamerkeun..*

*Akhlak kedah di terapkeun..*

*Lain sakadar ngobrolkeun..*


*Sing karunya kanu bodo..*

*Elingan jalma nu poho..*

*Kudu sabar bari ridho..*

*Kana ibadah sing sono..*


*Caangan hate nu poek..*

*Sangkan hirup henteu rupek..*

*Amalkeun sulam taufeq..*

*Sangkan hirup henteu fasek..*


*Pageuhan dina aqidah..*

*Sing akur jeung ahlussunnah..*

*Aqidah na Asy'ariyah..*

*sinareng Maturidiyah..*


*Ulama nu sholeh nyontoan..*

*Najan aya perbedaan..*

*Marantena sa uyunan..*

*Sangkan ummat narurutan..*


*Hayu dulur-dulur nu sa iman..*

*Ukhuwwah urang kuatan..*

*Islam kudu sa beungkeutan..*

*Sangkan meunang ka jaya an..*


*Mangga baraya sadayana urang sami-sami dilenyepan* 

*Mugia الله masihan Taufiq lan Hidayah ka urang sadayana*

*آمين اللهم امين* 

Mugia manfaat .🤲

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BERITA TERBARU

KEGIATAN RUTIN

PENJELASAN PENGAJIAN HARI AHAD