Bab puasa
BAG-BAGAN PUASA* ... Puasa ceuk lughot nyaéta 'imsaak' (امساك) ngeker/nahan diri tina tingkah jeung omomgan, anapon ari puasa ceuk syara’/istilahna nyaéta. امساك عن المفطرعلى وجه مخصوصة. Nahan diri ti pirang-pirang perkara anu ngabatalkeun nurutkeun jalan/cara anu tangtu. Anapon dalil anu ngawajibkeunna kudu puasa nyaéta dawuhan Alloh QS. Al-Baqoroh ayat 183: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ. Hartina: Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun ngarah aranjeun taraqwa. Ogé dina hadits disebutkeun yén salah sahiji dasar diwangunna Rukun Islam téh nyaéta puasa. بني الإسلام على خمس شهادة أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة والحج البيت وصوم رمضان. Hartina: Islam téh di wangun ku lima (dasar) syahadat, sholat, zakat, haji jeung puasa Romadhon. (HR. Bukhori). 🥔Bab Puasa: ...