Bab puasa
BAG-BAGAN PUASA*
...
Puasa ceuk lughot nyaéta 'imsaak' (امساك) ngeker/nahan diri tina tingkah jeung omomgan, anapon ari puasa ceuk syara’/istilahna nyaéta.
امساك عن المفطرعلى وجه مخصوصة.
Nahan diri ti pirang-pirang perkara anu ngabatalkeun nurutkeun jalan/cara anu tangtu. Anapon dalil anu ngawajibkeunna kudu puasa nyaéta dawuhan Alloh QS. Al-Baqoroh ayat 183:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ.
Hartina: Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun ngarah aranjeun taraqwa.
Ogé dina hadits disebutkeun yén salah sahiji dasar diwangunna Rukun Islam téh nyaéta puasa.
بني الإسلام على خمس شهادة أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة والحج البيت وصوم رمضان.
Hartina: Islam téh di wangun ku lima (dasar) syahadat, sholat, zakat, haji jeung puasa Romadhon. (HR. Bukhori).
🥔Bab Puasa:
يجب صوم رمضان بأحد أمور خمسة: (أحدها) بكمال شعبان ثلاثين يوما (وثانيها) برؤية الهلال في حق من رآه وان كان فاسقا (وثالثا) بثبوته في حق من لم يره بعدل شهادة (ورابعا) بإخبار عدل رواية موثوق به سواء وقع في القلب صدق أم لا أوغيره موثوق به إن وقع في القلب صدقه (وخامسها) بظن دخول رمضان بالإجتهاد فيمن اشتبه عليه ذلك.
Diwajibkeunna puasa Romadhon sabab aya salah sahijina perkara tina anu lima; salah sahijina:
1. Sampurnana bulan Sya'ban jumlah 30 poé.
2. Ku Ru'yatul Hilal (nénjo bulan) kalawan bener ,sok sanajan anu nyaksianna jalma anu faséq.
3. Netepkeunna kalawan bener ka jalma anu teu nénjo hilal kalawan persaksian anu adil (dihareupeun hakim).
4. Kudu meunang béja/khobar ru'yahna ti jalma anu adil riwayatna sarta ka percaya, sarua waé boh ngabenerkeunna dina jero haténa atawa heunteu, atawa jalmana anu teu kapercaya tapi dina haté ngabenerkeun.
5. Maké sangkaan yén bulan Ramadlan geus asup dumasar ijtihad pikeun jalma anu ragu kana asupna bulan romadhon.
شروط صحته أربعة أشياء: إسلام وعقل ونقاء من نحو حيض وعلم بكون الوقت قبلا للصوم.
🍉Syarat sah puasa.
Ari syarat sahna puasa éta aya 4 kabéhna:
1. Islam.
2. Boga akal.
3. Suci misalna tina haidh.
4. Apal kana waktu puasa saméméhna pikeun jalma nu puasa.
شروط وجوبه خمسة اشياء: اسلام وتكليف وإطاقة وصحه وإقامة.
🥑Syarat Wajibna Puasa.
Ari syarat wajibna puasa éta aya 5 kabéhna:
1. Islam.
2. Mukallaf (jalma anu geus kataklif ku kawajiban syara'/agama).
3. Kuat/mampuh migawé puasa.
4. Séhat.
5. Iqomah (teu sasabaan/iinditan).
أركانه ثلاثة أشياء: نية ليلا لكل يوم في الفرض وترك مفطر ذاكرا مختارا غير جاهل معذور وصائم.
🍌Rukun puasa.
Ari rukun puasa éta aya 3 kabéhna:
1. Niat dina waktu peuting tiap-tiap puasa fardhu.
2. Ninggalkeun perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa nalika masih dina kaayaan inget sarta bisa milih (euweuh paksaan), ogé teu bodo anu ma'dzur.
3. Shoim (jalma anu migawé puasa).
🍍Batal puasa.
Ari batalna puasa éta aya sababaraha perkara:
1. Murtad (kaluar tina agama Islam).
2. Haidh/nifas.
3. Istimna' (ngaluarkeun mani/spérma bari dihaja)
4. Ngajuru (babaran/lahiran).
5. Gélo sok sanajan ngan ukur sakeudeung.
6. Pingsan.
7. Mabok anu dihaja mun seug kajadianna dina waktu beurang.
8. Dahar, nginum jeung jima' barina ngahaja.
9. Teu niat puasa dina waktu peutingna.
يجب مع القضاء للصوم الكفارة العظمى والتعزير على من أفسد صومه في رمضان يوما كاملا بجماع تام آثم به للصوم ويجب مع القضاء الإمساك للصوم في ستة مواضع: الأول في رمضان لافي غيره على متعد بفطره، والثاني على تارك النية ليلا في الفرض، والثالث على من تسحر ظانا بقاء الليل فبان خلافة أيضا، والرابع على من افطر ظانا الغروب فبان خلافه ايضا، والخامس على من بان له يوم ثلاثين من شعبان أنه من رمضان، والسادس على من سبقه ماء المبالغة من مضمضة واستنشاق.
🌶Wajibna kafarot.
Wajib sarta qodho' pikeun jalma anu puasa nyaéta mayar kaffaroh turta di ta'zir pikeun jalma anu ngaruksak (ngabatalkeun) puasana dina waktu beurang bulan Romadhon ku sabab jima'.
Wajib sarta qodho' ka jalma anu puasa dina 6 pirang-pirang tempat ,nyaéta:
1. Dina bulan romadhon lain dina bulan anu séjénna sabab ngahaja ngabatalkeun puasa.
2 . Ninggalkeun (teu niat) niat puasa dina waktu peuting dina puasa fardhu.
3. Jalma anu sahur sabab nyangka masih peuting, tapi sangkaanna salah sihoréng (geus bijil fajar).
4. Jalma anu buka puasa sabab nyangka geus surup panon poé, tapi faktana nyulayaan kana sangkaanna (panon poéna can surup).
5. Jalma anu yakin yén geus jejeg tanggal 30 bulan Sya'ban tapi horéng mana horéng geus asup bulan Romadhon.
6. Jalma anu geus kagok neureuy cai nalika kekemu atawa (nyingreup cai) tina cai anu asup tina irung.
🥒Jalma anu meunang teu puasa.
Aya sababaraha jalma anu meunang dispénsasi teu puasa, nyaéta:
1. Jalma anu gering sakumaha rujukan ti dokter.
a) Mun seug geringna moal matak cageur-cageur sacara médis mangka wajib mayar fidyah.
b) Mun seug geringna bisa cageur mangka ngan wajib qodho' puasa wungkul.
2. Awéwé anu hamil jeung anu keur nyusuan.
3. Musafir wajib ngodho'an puasa anu ditinggalkeunna. Syarat syarat iinditanna anu ngameunangkeun kana teu puasa, diantarana:
a) Kudu 2 marhalah 86 km atawa leuwih.
b) Lain perjalanan anu maksudna rék maksiat.
c) Kudu mangkat saméméh adzan shubuh.
d) Waktu dahar di tengah perjalanan kudu diniatan ngalaksanakeun rukhsoh/ngaringan-ringan.
4. Jalma anu geus rémpo anu geus teu sanggup deui puasa. Gantina nyaéta manéhna kudu mayar fidyah tiap poéna ku cara méré dahar ka saurang jalma anu miskin/atawa méré 1 mud tiap poéna ka jalma anu miskin.
الإفطار في رمضان أربعة انواع: واجب كما في الحائض والنفساء، وجائز كما في المسافر والمريض ولاولاكما في المجنون، ومحرم كمن أخر قضاء رمضان تمكنه حتى ضاق الوقت عنه.
🥕 Ifthor (buka) dina bulan romadhon aya 4 rupa:
1. Wajib ka jalma anu haidh jeung anu nifas.
2. Jaiz (meunang buka) saperti ka jalma anu sasabaan/iinditan (safar) jeung ka jalma anu gering.
3. Teu wajib ogé teu meunang ka jalma anu gélo.
4. Haram saperti ka jalma anu ngakhirkeun qodho' Romadhon dimungkinkeun kana dipigawé nepi ka teu nyukupan kana éta waktu qodho'.
وأقسام الإفطار أربعة: أيضا ما يلزم فية القضاء والفدية وهو اثنان: الأول الإفطار لخوف على غيرة، والثاني الإفطار مع تأخير قضاء مع إمكانه حتى يأتي رمضان آخر، وثانيها مايلزم فية القضاء دون الفدية وهو يكثر كمغمى علية، وثالثهما ما يلزم فيه الفدية دون القضاء وهوشيخ كبير، ورابعها لا ولا وهو المجنون الذي لم يتعد بجنونه.
🌽Ifthor Romadhon.
Saenyana ari babagian ifthor/buka/dahar di jero bulan Romadhon/puasa éta aya 4 perkara:
1. Wajib qodho' tur mayar fidyah, aya 2:
a. Ifthor sabab ngahariwangkeun batur (misalna saperti sieun bisi kumaha-kumaha ka janinna/orokna dina kandungan).
b. Ifthor sarta ngakhirkeun qodho' puasa nepi ka manjing Romadhon anu saterusna.
2. Wajib qodho' tanpa mayar fidyah nyaéta saperti jalma anu pingsan, jeung anu ayan.
3. Wajib mayar fidyah tanpa wajib ngodha'an puasa, nyaéta saperti jalma anu geus rémpo/pikun.
4. Teu wajib qodho' jeung teu wajib mayar fidyah nyaéta ka jalma anu gélo anu teu dihaja gélona.
الذي لا يفطِر مما يصل إلى الجوف سبعة أفراد: مايصل إلى الجوف بنسيان أو جهل أو إكراة وبجريان ريق بما بين أسنانه وقد عجز عن مجه لعذره وما وصل إلى الجوف وكان غبار طريق، وما وصل إلية وكان غربلة دقيق، أوذبابا طائرا أو نحوه.
🥜Perkara anu teu ngabatalkeun kana puasa.
Saenyana ari pirang-pirang perkara anu teu ngabatalkeun kana puasa sok sanajan nepi kana polongoan baham éta, aya 7 kabéhna:
1. Perkara anu asup nepi ka kana polongoan baham sabab poho.
2. Sabab teu nyaho (bodo).
3. Sabab ka paksa/dipaksa ku batur.
4. Sabab ciduh anu ngalir diantara pirang-pirang huntu, sedeungkeun moal mungkin bisa di kaluarkeun (nyiduhkeunna) lantaran ayana udzur (halangan).
5. Naon baé perkara anu nepi kana polongoan baham misalna saperti kekebul jalan jsb.
6. Naon baé perkara anu asup nepi ka kana polongoan baham misalna saperti bubuk tipung.
7. Mangrupa laleur anu asup nalika ngapung jsb.
8. Ngangseu babauan turta ngasaan/nyicip kadaharan tanpa di yakinkeun asup kana jero polongoan baham, ngan di hukuman makruh wungkul.
حكم من أدركه رمضان ولم يقض ما عليه من فوائت
قال الشيخ عبد الحميد الأطرش رئيس لجنة الفتوى بالأزهر السابق، إن من كان عليه قضاء صوم من رمضان الماضي فليسارع بقضائه قبل يوم رمضان المقبل ومن ترك القضاء تكاسلا فعليه فدية إطعام مسكين عن كل يوم أفطره ويصوم القضاء بعد رمضان.
Mugia manfaat
والله تبارك وتعالى أعلم بالصواب
Komentar
Posting Komentar