Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2023

Syiiran saum rajab....

Saha jalma nu puasa Bulan rajab sapoe na Kaya kaya puasa na Sabulan campleng lamina  Mun tilu poe puasa Ku allah bakal di raksa Dina sagala bencana Pitnah dajal antara na 7 poe mun puasa Ku allah bakal di raksa Di konci pintu naraka Pahala bulan rajab na 8 poe puasa Di bulan rajab nyaeta Pintu surga na di buka Anu 8 pintu na Komo mun sapuluh poe Puasana na di pigawe Amal amal nu jarore Di ganti ku nuharade Mugi urang sadayana Sing tiasa ngamalkeun na Di paparin taupik na Ihlas karena allah na Doa doa saat ijabah Lima peting heunteu salah Nu ka 1 malam jumat In sayaa Allah hirup barokah Maleman nu ka 2 Di ijabah na doa Nyaeta malem idul adha Nu di sebut mlm takbir na Malem anu ka 3 na Idul fitri di ijabah na Doa urang sararea Tangtos saat ijabah na Malem anu ka 4 na Di malem bulan rojab na Di kobul ku Allah na Suhunkeun kanu kawasa Malam anu ka 5 na  Malem nispu syaban na Tutup buku amal urang na Mugia husnul khotimah na Doa teh sami ibadah Niatan sok dina manah Unggal waktu ng...

Undangan Walimatul arus

Gambar
   Bismillahirrahmanirrahim Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh Niti wanci takdir Gusti, ninggang mangsa qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malati ligar na ati, tarate mekar na hate, mawar mangkak kembangan. Beber layar tarik jangkar, seja mungkas mangsa lalagasan, dilajeng niat suci ngawujudkeun laki rabi. Sateuacan Walimatul Nikah pun RAI,wasta ENCEP SIROJUDIN , sim kuring seja ngulem oge neda du’a oge kahadiran nana ka sadayana dina Acara syukuran in sya Alloh bade dilaksanakan dina : Dinten/Ping : Sabtu 28 JANUARI 2023 Waktos :09.00 WIB (DUGI KA RENGSE) Tempat : Kp. Bojong pari Rt 03/02 jayabakti, cidahu - Sukabumi  Rorompok : PAMEGEUT  Dinten/Ping : Minggu 29 JANUARI 2023 Waktos :09.00 WIB (DUGI KA RENGSE) Tempat : Kp.sindang palay Rt 03/06, pasawahan, Cicurug, Sukabumi  Rorompok : ISTRI Neda nu dipihatur, mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek kersa sumping kanggo jajap du’a pamugi ginanjar...