Undangan Walimatul arus
Bismillahirrahmanirrahim
Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Niti wanci takdir Gusti, ninggang mangsa qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malati ligar na ati, tarate mekar na hate, mawar mangkak kembangan. Beber layar tarik jangkar, seja mungkas mangsa lalagasan, dilajeng niat suci ngawujudkeun laki rabi.
Sateuacan Walimatul Nikah pun RAI,wasta ENCEP SIROJUDIN , sim kuring seja ngulem oge neda du’a oge kahadiran nana ka sadayana dina Acara syukuran in sya Alloh bade dilaksanakan dina :
Dinten/Ping : Sabtu 28 JANUARI 2023
Waktos :09.00 WIB (DUGI KA RENGSE)
Tempat : Kp. Bojong pari Rt 03/02 jayabakti, cidahu - Sukabumi
Rorompok : PAMEGEUT
Dinten/Ping : Minggu 29 JANUARI 2023
Waktos :09.00 WIB (DUGI KA RENGSE)
Tempat : Kp.sindang palay Rt 03/06, pasawahan, Cicurug, Sukabumi
Rorompok : ISTRI
Neda nu dipihatur, mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek kersa sumping kanggo jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rahmat Alloh, kalayan aya dina karidoan manten-Na.
Dianti ku asta kalih, bagja kalingga murda, hatur sewu nuhun kana du'a sareng kasumpinganana.
Sakitu nu kapihatur, mugia ulah kirang sihapuntenna bilih kirang tata kirang basa, jembar manah nu diteda, rumaos tuna ku elmu.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Baktos
Kedua mempelai. Kel al-husna


Komentar
Posting Komentar