NADOM GUSTI URANG SARAREYA
ADHOMAN TAREKH NABI Muhammad SAW NABI URANG SAREREA *BismillaahirRohmaanirRohiim* 1 Nabi urang saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kurésy na bangsana. 2 Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah, dibabarkeunana di Mekkah, wengi Senén taun Gajah. 3 Robi'ul awwal bulanna, tanggal ka dua belasna, April bulan maséhina, tanggal ka dua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna, lima ratus cariosna, tujuh puluh panambihna, sareng sahiji punjulna. 5 Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur, ningal cahya mani ngempur, di bumina hurung mancur 6 Babar taya kokotoran Orok tos kenging nyepitan Soca lir kenging nyipatan Sarta harum seuseungitan 7 Medal Nabi Akhir Zaman Pirang-pirang ka anehan Sesembahan Bangsa Syetan Kabeh pada Karuksakan 8 Nabi yuswa Lima Bulan Geus tiasa angkat - angkatan Yuswana Salapan Bulan Geus Capetang Sasauran 9 Yuswana Sapuluh Bulan Tiasa Ameng Papanahan Ngéléhkeun Budak nu Lian Tapi tara kumagungan...