Postingan

Bab zakat

*ILMU ZAKAT* Tanya Jawab Seputar ZAKAT dan ZAKAT MAAL oleh Baznas*  *1. Tanya :* Apakah syarat wajib zakat maal ?  *_Jawab :_* _1. Islam_ _2. Merdeka_ _3. Berakal dan baligh_ _4. Hartanya memenuhi nisab_  *2. Tanya :* Berapa nisab zakat maal untuk harta baik tabungan atau dagangan dan cara menghitungnya ?  *_Jawab :_* _Untuk harta tabungan pribadi dan harta dagangan sebesar 85gr emas atau setara 72.250.000 (asumsi harga emas Rp850.000)_  _Tabungan= 2,5% x jumlah tabungan_ _Harta dagangan = 2,5% x (Modal yang diputar + keuntungan + piutang yang dapat dicairkan - hutang - kerugian)_  *3. Tanya :* Apakah rumah atau mobil mewah wajib dihitung sebagai harta yang dizakatkan?  *_Jawab :_* _Hukum asal rumah mewah dan mobil mewah yang tujuan kepemilikannya untuk dipakai sendiri tidak terkena zakat. Namun bila seseorang yang memiliki harta itu bertujuan untuk membisniskannya (jual beli untuk keuntungan) maka wajib dizakati setiap tahun._ *4. Tanya :* Apakah ruma...

Aljabhi

  Alajbhatul islamiyah pesantren ku Prok...prok Alajbhatul islamiyah sekolah ku Prok...prok Berjuang dan berkorban 2x Maju terus tuk masa depan 2x Pedoman kami Qur'an suci Prok...prok Juga hadist baginda nabi Prok...prok Ijma kiyas ulama 2x Ulama pewaris ambiya 2x Aljabhi masa depan yang cerah Mendidik akhlakkul karimah sunah waljamaah 2x Semoga  kita Istikomah 2x
  Syi iran Nispu sya'ban شعبان ش : الشرف والشفاعه ع  : العزة والكرامة ب : البر ا   : الالفة ن  : النور اللهم بارك لنا في رجب والشعبان وبلغنا رمضان وحصل مقاصدنا KANGJEUNG NABI KADONGKAPAN MALAK JIBRIL NGAWARTOSAN DINA MALAM NISPU SYA'BAN MALAM ANU DI MULYAKAN MALAK JIBRIL TEH BICARA KA NABI URANG SADAYA PINTU LANGIT JEUNG ROHMAT NA KU ALLAH ATOS DIBUKA KANGJEUNG NABI DI PARENTAH SOLAT NGADOA KA ALLAH DINA MALAEMAN MAGFIROH KATEURANGAN KITAB DURROH NABI MUHAMMAD NYARITA KA MALAK JIBRI NYAETA IYEU PEUTING NAON TEA MALAK JIBRIL NGAJAWAB NA IYEU PETING ANU MULYA PINTU ROHMAT TOS DIBUKA 300 SADAYANA ROHMAT ALLAHUTAALA GUSTI ALLAH NGAHAMPURA PIKEUN KASAKABEH JALMA KECUALI ETA JALMA ANU MUSRIK KA ALLAH NA TUKANG SIHIR NGADUKUNNA MINUM ARAK JEUNG JINAH NA NGADAHAR PERKARA RIBA BEDEGONG KA ORANG TUA ETA SADAYA NU KITU MOAL KABAGEYAN PINTU PINTU ROHMAT ANU TANGTU MUN TEU TOBAT BURU BURU IKHTILAP PERKARA NISPU MUN MOAL GE HENTEU KUD...

Syiiran saum rajab....

Saha jalma nu puasa Bulan rajab sapoe na Kaya kaya puasa na Sabulan campleng lamina  Mun tilu poe puasa Ku allah bakal di raksa Dina sagala bencana Pitnah dajal antara na 7 poe mun puasa Ku allah bakal di raksa Di konci pintu naraka Pahala bulan rajab na 8 poe puasa Di bulan rajab nyaeta Pintu surga na di buka Anu 8 pintu na Komo mun sapuluh poe Puasana na di pigawe Amal amal nu jarore Di ganti ku nuharade Mugi urang sadayana Sing tiasa ngamalkeun na Di paparin taupik na Ihlas karena allah na Doa doa saat ijabah Lima peting heunteu salah Nu ka 1 malam jumat In sayaa Allah hirup barokah Maleman nu ka 2 Di ijabah na doa Nyaeta malem idul adha Nu di sebut mlm takbir na Malem anu ka 3 na Idul fitri di ijabah na Doa urang sararea Tangtos saat ijabah na Malem anu ka 4 na Di malem bulan rojab na Di kobul ku Allah na Suhunkeun kanu kawasa Malam anu ka 5 na  Malem nispu syaban na Tutup buku amal urang na Mugia husnul khotimah na Doa teh sami ibadah Niatan sok dina manah Unggal waktu ng...

Undangan Walimatul arus

Gambar
   Bismillahirrahmanirrahim Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh Niti wanci takdir Gusti, ninggang mangsa qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malati ligar na ati, tarate mekar na hate, mawar mangkak kembangan. Beber layar tarik jangkar, seja mungkas mangsa lalagasan, dilajeng niat suci ngawujudkeun laki rabi. Sateuacan Walimatul Nikah pun RAI,wasta ENCEP SIROJUDIN , sim kuring seja ngulem oge neda du’a oge kahadiran nana ka sadayana dina Acara syukuran in sya Alloh bade dilaksanakan dina : Dinten/Ping : Sabtu 28 JANUARI 2023 Waktos :09.00 WIB (DUGI KA RENGSE) Tempat : Kp. Bojong pari Rt 03/02 jayabakti, cidahu - Sukabumi  Rorompok : PAMEGEUT  Dinten/Ping : Minggu 29 JANUARI 2023 Waktos :09.00 WIB (DUGI KA RENGSE) Tempat : Kp.sindang palay Rt 03/06, pasawahan, Cicurug, Sukabumi  Rorompok : ISTRI Neda nu dipihatur, mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek kersa sumping kanggo jajap du’a pamugi ginanjar...

Bab puasa

 BAG-BAGAN PUASA* ... Puasa ceuk lughot nyaéta 'imsaak' (امساك) ngeker/nahan diri tina tingkah jeung omomgan, anapon ari puasa ceuk syara’/istilahna nyaéta. امساك عن المفطرعلى وجه مخصوصة. Nahan diri ti pirang-pirang perkara anu ngabatalkeun nurutkeun jalan/cara anu tangtu. Anapon dalil anu ngawajibkeunna kudu puasa nyaéta dawuhan Alloh QS. Al-Baqoroh ayat 183:  يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ. Hartina: Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun ngarah aranjeun taraqwa. Ogé dina hadits disebutkeun yén salah sahiji dasar diwangunna Rukun Islam téh nyaéta puasa.   بني الإسلام على خمس شهادة أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة والحج البيت  وصوم رمضان. Hartina: Islam téh di wangun ku lima (dasar) syahadat, sholat, zakat, haji jeung puasa Romadhon. (HR. Bukhori). 🥔Bab Puasa:  ...

Syiiran akhir zaman

 *SING PAGEUH AQIDAH, SING KUAT UKHUWWAH.* *Dunya geus tereh pamitan..* *Kiamat geus ngadeukeutan..* *Elmu gampang di teangan..* *Ngamalkeun na hese pisan..* *Na HP elmu balatak..* *Teu ngarobah kana watak..* *Ka guru kalah calutak..* *Ka kolot ge wani nyentak..* *Loba jalma anu pinter..* *Pamikiran na teu angger..* *Nu di sebut ka balinger..* *Ka batur sok ngalilieur..* *Agama jadi dagangan..* *Pikeun nyiar kauntungan..* *Jeung dulur anu sa iman..* *Geus loba papaseaan..* *Ari ka batur ngabela..* *Tapi jeung dulur pasea..* *Bari mamawa agama..* *Teu boga rasa rumasa..* *Hayang di sebut wanian..* *Hayang tenar ku pujian..* *Ngadadak silih baeudan..* *Jeung balad nu teu sa jalan..* *Dunya geus beuki ngolotan..* *Ulama geus di jauhan..* *Ka Pasantren nga anggangan..* *Ngaji geus teu ka lakonan..* *Loba nu katalar Qur'an..* *Hadits geus jadi talaran..* *Lain meunang di wurukan..* *Tapi beunang pipikiran..* *Maca tafsir terjemahan..* *Maca hadis sambarangan..* *Mengkol dina kayakinan.....